Paribasa jeung Babasan
Abong létah teu tulangan
Ngomong henteu dipikir heula, tungtungna matak pikanyerieun batur.
"Cep Isud mah ngahina Jang Among téh mani di hareupeun batur, abong létah teu tulangan, nepi ka urusan anu kacida rusiah ogé diomong-omong.
Adat kakurung ku iga
Laku-lampah anu kurang hadé, hésé pisan dileungitkeunana.
"Sangkilang mindeng disetrap ku Guru, kana kabeurangan sakola téh, Si Buruy mah henteu kapok-kapok, abong geus adat kakurung ku iga."
Adéan ku kuda beureum
Ginding ku papakéan batur.
Mémang ginding Si Joni téh, hanjakalna adéan ku kuda beureum. Anu dipakéna téh ukur meunang nginjeum ti sobatna.
Adigung-adiguna
Asa aing, boga rasa leuwih ti batur, boh dina omongan boh dina paripolahna.
Adigung-adiguna pisan Mang Sarmud mah, dina rapat RT téh sagala rupa omonganana kudu diturut, padahal teu sapuk saréréa. Pantes pisan lamun loba jalma anu teu pati resepeun.
Agul ku payung butut
Jelema taya kaboga, tapi sok nyaritakeun turunan ménak jeung loba dulur anu naranjung.
"Sakitu keur dahar sapopoé oge kacida seuseutna, magarkeun teh turunan radén. Dasar agul ku payung butut Mang Amanta mah,"
Ajak jawa
Ngajak bari ukur tamba, lain saenyana, dapon ngeunaheun batur baé.
Nawaran ngabaso ka Néng Lina sotéh Si Among mah ukur ajak jawa, sabab boga duitna ogé ngan cukup keur samangkokeun.
Aki-aki tujuh mulud
Geus kolot pisan.
"Abong aki-aki tujuh mulud, dititah dahar kalah ngencarkeun domba!" ceuk Nini Ijah kutuk-gendeng.
Aku-aku angga
Ngampihan barang batur, bari boga maksud hayang miboga.
Ari barang-injeum téh, gancang pulangkeun, ulah ngadagoan pohona, bisi magarkeun rék aku-aku angga.
Alak paul
Kacida jauhna.
Bapa kuring mah keur nyaba ka alak paul. Geus ampir sapuluh taun, can mulang kénéh baé. Malah taya béja-béjana acan.
Alak-alak cumampaka
Niru-niru atawa hayang nyaruaan saluhureun.
"Ulah Alak-alak cumampaka, maké jeung hayang meuli mobil sagala. Nyaho nyaho urang mah ukur sakieu kaayaanana." ceuk Bi Mursih ka anakna.
Ambek nyedek tanaga midek
Ari napsu gedé, tapi tanaga euweuh.
Tadina mah Cép Among téh rék ngalawan, tapi kalah ambek nyedek tanaga midek. Tungtungna hing baé ceurik.
Amis budi
Hade budi-parangi, soméah, mun nyarita sok dibarung imut.
Kayungyung pisan Néng Kania mah, keur geulis téh, amis budi deuih.
Amis daging
Babari pisan katerap kasakit
Amis daging pisan budak téh. Kamari kakara cageur salésma, ayeuna geus ngéhkéh batuk.
Anak puputon
Anak anu kacida dipikanyaahna.
Ari ka anak puputon mah mani dinangna-néngné. Sagala rupa kahayangna teu weléh dicumponan. Bélaan anjuk-ngahutang.
Anjing ngagogogan kalong
Mikahayang nu lain-lain anu biheung kalaksanakeun.
Ari pagawéan ukur saré, tapi hayang jadi gubernur. Kawas anjing ngagogogan kalong baé.
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed.
Najan umur geus kolot, tapi kahayang mah kawas nu ngora.
Eta mah Aki Amanta, ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed. Sakitu geus cetuk huis ogé, Aki Amanta resep kénéh ngaheureuyan Néng Cici, parawan ti lembur Banjar.
Asa aing uyah kidul
Asa jadi pangpunjulna.
Si Doya mah da asa aing uyah kidul, mun ngomong ogé sok sompral pisan. Matak paur anu marenganana.
Asa dijual payu
Asa pangkapujina, duméh ngumbara atawa digawé sosoranganan di lembur batur.
Abong bisa hirup ngandelkeun hasil késang sorangan, ka unggal awéwé dicaritakeun, mani asa dijual payu.
Asa ditumbu umur
Asa euweuh beungeutan
Era kabina-bina (éra pisan).
Ari sugan téh sanés Pa Lurah, boro ngomong mani sangeunahna. Puguh baé mani asa euweuh beungeutan.
Asa potong leungeun katuhu
Leungiteun jelema nu kacida gedé gawéna, atawa anu kacida dipikabutuhna.
Bi Mursih mani asa potong leungeun katuhu, sabab budakna anu sok ngurus pagawéan di imah, poé mangkukna kacilakaan di jalan raya.
Asa rawing daun ceuli
Mindeng ngadéngé omongan anu henteu geunah karasana.
Mani asa rawing daun ceuli, magarkeun téh Néng Nita digosipkeun rék buru-buru kawin, apan kuring téh aya haté kadua leutik ka manéhna.
Asa tungkeb bumi alam
Kacida baluwengna.
Geus aya kana sapuluh taunna kabungbulengan ku Néng Lina téh. Matak mani asa tungkeb bumi alam, basa ngadéngé béja manéhna rék dikawinkeun.
Asak asar
Dipaluruh bener-henteuna kalayan écés.
Anu maling domba Mang manta téh can tangtu Si Doya, kudu asak sasar heula. Ulah pararadu ngaduduh, bisi teu luyu jeung kabuktianana.
Asak jeujeuhan
dipikiran heula masing anteb
Milih pipamajikaneun téh kudu asak jeujeuhan, bisi tungtungna kabelejog.
Asak warah
Hadé atikan, basa jeung paripolahna Merenah
Néng Yuyu mah hiji awéwé anu asak warah, ka sasaha ogé teu weléh soméah jeung daréhdéh.
Atah anjang
Langka silih anjangan.
Ulah atah anjang jeung dulur mah, bisi pegat babarayaan.
Atah warah
Sabalikna tina asak warah, hartina kurang atikan.
Budak téh atah warah pisan, nyarita ka kolot ogé mani henteu maké tatakrama.
Ati mungkir beungeut nyanghareup
Caritaan jeung kalakuanana henteu nerus kana haté atawa papalimpang.
Ari hareupeun mani siga nu enya belana téh, padahal ati mungkir beungeut nyanghareup. Buktina di tukangeun mah manéhna nguar-nguar kagoréngan kuring.
Awak sabeulah
Henteu boga salaki atawa pamajikan.
Kieu geuning ari awak sabeulah mah, mani euweuh batur pakumaha.
Awak sasampayan
Maké pakéan kumaha ogé teu weléh pantes.
Néng Lina mah boga awak sasampayan, sakitu dibéré baju lalayu sekar, pantes baé katémbongna téh.
Awak satilas
Jangkung lenjang
Anu boga awak satilas mah teu kudu hayang nurunkeun beurat awak.
Awi sadapuran tara lempeng kabéh
Najan sarua saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua.
Lanceuk-lanceukna mah baleunghar, na ari nu bungsu hirupna téh balangsak pisan, abong-abong awi sadapuran tara lempeng kabéh!"
Aya bagja teu daulat
Rék meunang kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteu tulus.
Kuring téh dibéré duit ku Juragan Camat, tapi kalah leungit di jalan. Emh, aya bagja teu daulat.
Aya jalan komo meuntas
Aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
Eukeur mah hayang ti baheula ulin ka Pangandaran téh, kari-kari aya nu ngajak bari numpak mobil haratis. Puguh baé aya jalan komo meuntas.
Aya jurig tumpak kuda
Datang milik anu henteu disangka-sangka.
Nékad indit ka kota, sugan wé aya jurig tumpak kuda, manggih pagawéan nu ngeunah.
Aya pikir kadua leutik
Aya kahayang nu henteu dikedalkeun.
Geus sababaraha kali manéhna ulin ka imah Lurah Ukar. Boa-boa aya pikir kadua leutik ka anakna.
Ayem tengtrem
Euweuh kaributan atawa bancang pakéwuh
Saprak aya nu ngaronda mah, lembur téh jadi ayem tengtrem.