Seni tina Sela-Sela Langit

Tapi di ieu tempat seni budaya téh hirup. Dina lahan 820 M2, ngadeg panggung ukuran 7 x 12 méter. Nya di éta panggung rupaning kagiatan digelar, ti mimiti téater, sastra, musik, seni rupa, tari, jeung kasenian lianna.

Ku lantaran deukeut jeung paguron luhur, CCL dilingkung ku kamar kost mahasiswa. Jadi, ieu komunitas bisa diurus ku saha waé nu aya di sabudereunana. Mahasiswa, tukang dagang, nepi ka ketua RW—nu kakocapkeun kungsi milu nyutradaan—bisa milu icikibung di CCL.

CCL ditaratas ku Iman Soléh saparakanca. Ari kagiatanana mah geus lumangsung ti taun 1985 kénéh, ngan nelah jadi CCL mah kakara taun 1998. Pangna dingaranan CCL, lantaran ti ieu tempat mah nu katémbong téh sasatna ukur langit, da puguh dilingkung ku wawangunan pasesedek.

Celah-Celah Langit

Celah-Celah Langit (Potret: Dok CCL)

Ku lantaran dikokolakeunana ku masarakat, CCL lain ngan jadi tempat pagelaran. Aya interaksi budaya di antara masarakat, pikeun ngamekarkeun kasenianana séwang-séwangan. Malah réa tatangga di sabudereun CCL boga kaahlian seni, aya nu jadi sindén, tukang calung, dalang, jsté.

Dina sabulanna, CCL bisa ngayakeun minimal hiji pagelaran, kitu nu kacatet antara taun 2006-2010. Nu kungsi manggu di CCL téh di antarana kelompok Mukti Mukti, Ari Julian, Ferry Curtis, Hajar Aswad, Sambasunda, Miko Protonema, Musik 100%, Kpj Ledeng, Martha Topeng, Sawung Jabo, Orkes Bang Madun, Musikalisasi puisi, Iwan Abdulrahman, Trio Dinggo Australia, Kapak Ibrahim, Theatre Theraphis Yunani, Chines music Orchestra, Kabumi Upi, jsté.

Ari dina widang téater, Laskar Panggung, Cassanova, Teater Benih, Jak Art, Teater Q Tegal, Mug Mug Kendari, Komunitas Banyuning Negare Bali, Bengkel Muda Surabaya, Doger Coblak, Longser Pancakaki, Serikat Kesenian, Teater Pelangi, jsté.   

Lian ti éta, CCL gé remen ngagelarkeun kasenian tradisional saperti Janaka Sunda, Bring Brung, Calung, Reog Gémbol, Rampak Kendang, Wayang Golek, Tarawangsa, Kacapi Suling, Ronggéng Gunung, jsté.

Tina jasa-jasana ngamekarkeun seni budaya, taun ieu, CCL dilélér Pangajén Husus 2 Abad Kota Bandung.

Komentar Lainnya (0)

Loading
Belum ada komentar.