Kontak
Dadan Sutisna
Email: dadansutisna@yahoo.com, dadansutisna@gmail.com
Website: http://daluang.com
Facebook: facebook.com/dadansutisna
Twitter @dadansutisna
Linkedin: linkedin.com/pub/dadan-sutisna/31/815/40
Komentar Lainnya (60)
cion 11/04/2011
Sampurasun%2C kang Dadan wilujeng ah.. sugan teh Daluang dot com na moal medar deui.
Wa Ujang 16/03/2009
Sampurasuuuun........Cukleuk lamping cukleuk leuweung jauh ka sintung kalapa.....punten kang Dadan, ngiring ngarewong....asa waas puguh ge, nuju seseleket kurah koreh bet nimu situs nu sakieu nyundana ! Simkuring nu keur uleng sono ka lembur ngadadak cenghar......ceuk beja mah kawas keur halodo tarik pangih jeung tukang cendol, coba.....plek pisan atuh kang ! Komo barang sidik kang Dadan pituin urang Sumedang, Tanjungsari deuih....jadi inget ka bako ! simkuring ge ti Sumedang, Narimbang....tutugan gunung tampomas tebeh kaler ! mung ayeuna keur ngalalakon di pulau seram maluku....keur kuli ! Kang, ngiring bingah ah ku ayana ieu situs....simkuring jadi teu pati keueung teuing ayeuna mah.....salam we ka urang sunda sa alam dunya !
Dadan Sutisna 08/03/2009
@muslim Muhun leres, terang pisan atuh ka Kondang mah. Tapi sareng saha? Ke urang papaykeun urusan bandar jeruk mah, da aya urang Kondang nu ngumbara di Pasirloa. Nuhun tos ditepangan dina internet.
muslim 06/03/2009
kang kumaha damang ieu sareng urang kondang budak bandar jeruk tea kang herman kumaha di lembur calager saya can bisa balik e...m apal pisan saya ka akang mah baraya
herry riansa 04/03/2009
kang herry mah cman tiasa ngaduakeun mugi" cing langgeng pakasabanana? AMIIEN
herry riansa 03/03/2009
asslamualaikum,,,,,,,,,,,,,,,kumaha kang kabarna damang, salam nya kasadayana?
asikin hidayat 28/02/2009
Salam tepang ti urang Majalengka. Meh unggal waktu kuring mukaan web salira.
Iwan ardhie prieyana 17/02/2009
Urang sunda kudu boga blog. Can aya ari kamus mah ? Bisi aya nu ngotektak neangan harti kecap. gampang. Pendak engke Insya Allah dina sawala Jumat Di PSS
yayat kusnayat 11/02/2009
Salam Wanoh ti abdi di jakarta... ANGGOTA BAMMUS SUNDA .. cing punten abdi teh kehilangan jejak rerencangan Sakola di SLTA di sumedang, ai namina milan mayangsari, maklum tos hampir 17 tahun teu penak ... ai raratanmah gang jamiin no 10, cipadung, manawi aya nuterang dimana ayena linggih.. mamanawian aya nuterang emailnya atanapi nomer telp... Hatur Nuhun
Ergan Gandara 01/02/2009
Assalamualaikum ...... sampurasun Reueus kang sim kuring mah ..... aya dulur nu motekar sapertos kang dadan, oge salam pangwanoh ti Rancaekek ka baraya nu masih panceg ngamumule ieu warisan ti para luluhur sunda ... hurip SUNDA
kevin tambunan 25/01/2009
seru ttuhhhh kpn ya aku bsa kya gtu yeee?
Dendi 21/01/2009
Assalamualaikum. Alhamdulillah, hatur nuhun kang, kuayana ieu situs abdi ngarasa reueus, jeung karasa mangfaatna. Upami tiasa mah kang lebetkeun oge kawih-kawih saweran kangge pernihakan atawa sunatan, janten euyeub geura eusina, nuhun kang
neng guru 07/01/2009
ass.kang manawi tiasa masihan info buku ngenaan aksara sunda sareng manawi akang ge kersa nuyun sim kuring nyerat aksara sunda.abdi teh lebeng pisan ku aksara sunda teh maklum da abdi mah kuliahna bahasa Indonesia seg ayeuna kedah ngajar sunda.diantos nya kang.hatur nuhun.wss akang hub we:08562162453 atapi ka email abdi.
sunda koncara 06/01/2009
Salam wanoh
Reza Kusuma Putra 05/01/2009
Asslm Wilujeng sonten kang ieu patarosan perkawis penelitian tentang alihbahasa sunda ku mahkamah konstitusi. Kang patarosan nan nganggo bahasa indonesia margi bilih tim penguji sareng dosen pembimbing teu ngartoseun kitu ogen sareng walera nana. Hatur nuhun 1. Bagaimana Kang Dadan memaknai ataupun memandang program alihbahasa UUD 1945 kedalam bahasa sunda? 2. Bagaimana Kang Dadan melihat kondisi masyarakat Sunda khususnya Jawa Barat ketika memang dikaitkan dengan pemamahaman tentang UUD 1945? 3. Dalam program ini Kang Dadan berperan sebagai apa&delegasi darimana?Bisa diceritakan tentang aktifitas apa saja yang dilakuakan Kang Dadan dalam program ini? 4. Bagaimana peran Majalah Cupumanik dalam upaya mempublis program ini, tentunya media berperan dalam sosialisasi program ini? 5. Apa yang melatarbelakangi Majalah Cupumanik memasukkan program ini kedalam liputan majalahnya? 6. wilayah atupun area mana sana yang menjadi penyebaran majalah cupumanik? 7. Apakah pihak Mahkamah Konstitusi & UPI mengundang secara khusus kepada Majalah Cupumanik untuk meliput kegiatan ini? sakieu heula penginten patarosanan kang, hatur nuhun kana waktos. Reza Kusuma Putra
ceel'gallinkstones' 22/12/2008
kang milarian liputan tentang situ sipatahunan baleendah atanapi kampung budaya jelokong meh lembur abi kasebut
Reza Kusuma Putra 16/12/2008
Asslm Sareng Hormat Wikujeng sonten Kang dadan nepang keun abdi Nami : Reza Kusumah Putra Asal : Tasikmalaya Saleresmna sim abdi sanes bade ngomentaran namung aya peryogi perkawis bahan-bahan kango penelitian anu aya di majalah mangle. dina waktos ayeuna abdi nuju penelitian perkawis "alihbahasa UUd 1945 kana bahasa sunda ku mahkamah konstitusi" kaleresan abdi tos nepangan&koordinasi sareng kang agus suhermana di UPI ajeun ngarekomendasikeun ka kang dadan sutisna.kinten-kintenna tiasa pependak sareng kang dadan? hatur nuhun Reza
sukma 24/11/2008
kang, saya salah satu pembaca setia web akang. Isinya bagus banget. kebetulan saya juga suka sama sejarah, saya sering mendatangi tempat2 yang memiliki nilai sejarah tapi yang jadi masalah, saya tidak bisa menuangkannya dalam tulisan. saya sekarang tinggal di sumedang. kalau akang mau bantu, tentu saya akan sangat berterima kasih sekali
tate rahmat 22/11/2008
nuhun pisan teu tiasa disaurken kabingah abdi ku ayana daluang.com
yana 16/11/2008
Salam kenal kang.. abdi teh urang sunda (sumedang) namung abdi rumaos bodo terutama masalah sajarah sunda(sumedang khususna) manawi akang gaduh tulisan soal sejarah sunda(sumedang) abdi nyuhunkeun.......alamat e-mail abdi: naytea2@gmail.com nuhun kang...........
made suasta 14/11/2008
salam kenal dari Bali. ken ken kabare, becik ( kumaha, damang ) saya tertarik dan penasaran pada photo-photo saat berkunjung ke tempat naskah kuno Sunda,pada gambar terlihat peninggalan lontar tua dan alat alat lain misalnya genta... apakah itu salah satu peninggalan penganut HIndu di Sunda ? Saya sangat tertarik dengan ceritanya......
zarien 16/10/2008
hoyong diajar bahasa sunda uy.....!!!kumahanya....
Dodi Eka Pratama 10/10/2008
Sateuacanna Dodi Eka teh rek neda hampura boh bilih aya kalepatan, wilujeng boboran siam 1429 H. Perkawis miniatur tongo eta teh sae pisan malihan mah bade didamelkeun dugi ka miniatur tumila sareng kutu oge bade, jigana hade pisan, da ari perkara ukuran mah tetep weh sakitu moal gede moal leutik. Dan, kang dodi teh boga buruan leutik cukup keur 50 urangeun mah, di Sekeloa Selatan II no 5 Dipati Ukur kumaha urang dimangpaatkeun jadi tempat panglawungan boh panglawungan sastra, budaya, seni nepi ka panglawungan teknologi informasi ngarah bisa nyusul nini anteh di bulan. Hatur nuhun............................................
aldi 07/10/2008
ass, wr,wb. maaf lahir batin kangdadan. di page 'daluang' ada kosakata sunda tidak kang, mohon bantuannya, semoga tertampil ya kang,klo ga bisa tidur ngapalin bhs sunda dulu. klo sdh dapat jadwal acaranya mohon satunya di sent via email saya. Trims/nuhun kang.
asepuymmi 24/09/2008
assalamu'alaikum wr. wb. nyaan serius ari baturrrrrrrrrrr, nambih leubeut, nambih herang ieu web. Teu mata duitan ongkoh na mah... ha ha ha wilujeng ah.... abdi kangen, iraha pendak atuh nya?
mifka 23/09/2008
Sampurasun, ngiring cubak-cabak ah. Euleuh sami, geuning tatangga di Tanjungsari. Hatur nuhun, meni resep ngabarak kieu.
usman 23/09/2008
Seniman ti Sumedang Ngajoprak teu Walakaya KASATIAAN Mang Yaya kana seni tarawangsa, geus kaukur ku waktu, geus kauji ku wanci. Diajar nabeuh tarawangsa (rebab jangkung), ti keur rumaja keneh. Mang Yaya nu lahir di Lebaktulang, Desa Nagarawangi, Kacamatan Rancakalong, Kabupeten Sumedang lir nu ditakdirkeun kudu kumawula kana seni buhun titinggal karuhun. Harita, pasanganana teh Mang Anda urang Cipala. Mang Yaya nu ngesetna, Mang Anda nu ngacapina. Muwuh endah, harmonis, dina keset jeung sintreuk kacapi. Mang Anda eureun tina nabeuh, Mang Yaya mah terus, najan harita tarawangsa teu pati dipirosea ku balarea. Nya ganti pasangan, manehna ngadidik Kang Udin urang Cinangka. Ayeuna nasib Mang Yaya pikawatireun, ngajoprak teu walakaya. MANG Yaya, kitu kuring nyebut ka anjeunna teh. Nyebut emang teh, pedah kawin ka kapibibi sabrayna kuring, ka Bi Erah. Mang Yaya aslina mah ti lembur Lebaktulang, ari Bi Erah mah ti Cijere. Kuring asli urang Cijere. Lembur Lebaktulang jeung Cijere teh paeunteung-eunteung , masih sadesa, nya eta desa Nagarawangi. Harita kawin ka Bi Erah teh ngaduakalina, mawa anak tilu. Anakna nu bungsuna mah saumuran jeung kuring. Natrat panineungan ngeunaan kahirupan Mang Yaya. Sainget, anjeunna teh tukang ngeset tarawangsa. Harita layanna teh Mang Anda urang Cipala, Mang Anda mah kabisana teh kana metik kacapina. Umurna, sapantaran wae jeung Mang Yaya. Ngan sanggeus Mang Yaya pindah ka Cijere, ka lembur Bi Erah, rada jarang Mang Anda marengan nabeuh. Malah ahirna mah eureun. Sigana jauh teuing ti imahna. Mun mireng Mang Yaya jeung Mang Anda nabeuh, hate teh kokoleangan lir langlayangan ulin dialak. Bener-bener rasa kabawa ngalayang ku sora tarawangsa nu diulinkeun ku Mang Yaya. Lebah lagu Ayun Ambing, Angin-angin, Mataraman, jeung Jemplang, muwuh matak endah. Sora kesetna ngawirahma, kaanginkeun ku angin, rumayap dina simpena peuting. Da kapan tarawangsa mah ditabeuhna sok peuting, ti jam salapan nepi ka janari samemeh bedug subuh ngadurugdug ti masigit Tarawangsa ditabeuh teh biasana jang nyalametkeun imah, salametan nyalin atawa panen pare, ngariakeun, atawa nyalametkeun orok nukarek lahir. Atawa dina acara ngalaksa jeung acara mubur suro. Tarawangsa teh seni nu mihormat kana Nyi Pohaci Sanghiang Sri atawa kana pare. Biasana mun mulang nabeuhna teh, ukur dibahanan sasajen jeung pare sageugeus sewang. Nu boga hajat sok nitah nu digawe dina eta hajat sangkan mangnanggungkeun sasajen tea ka imahna Mang Yaya. Ka ayeunakeun sok remen dibere ongkos jang naek ojeg. Nu nganteurkeun teh ngarekeh nanggung sumbul atawa boboko, mapay-mapay jalan satapak nu cipruk keneh ku cireumis. Sasajen teh biasana geus pada ngadago ku para pamuda nu biasa lohong ka imah anjeunna. Mang Yaya teh sok ngabina pamuda sangkan resep kana seni karuhun. Taun 1980-an basa Nagarawangi dicekel ku Kuwu Asri, harita tarawangsa teh kawas rek pareum. Ukur sababaraha grup nu aya, di antarana di Cikondang, di Legokpicung, jeung di Cibunar. Matak keueung, lantaran mimiti langka nu nabeuh. Inget keneh harita aya gerakan cinta kana tarawangsa. Mang Yaya singkil, ngajak ka Anang Gunawan nu harita cekel gawe jadi guru SD pikeun ngayakeun lomba nabeuh tarawangsa jeung ngigelanana di tingkat SD. Oge aya lomba nabeuh tarawangsa di antara grup nu aya di Rancakalong. Hasilna luar biasa, tarawangsa bisa menyat deui. Malah aya jadwal nabeuh di radio stasiun daerah. Jadwal manggung teh saminggu sakali. Ngear saban malem Rebo, maturan nu leleson sabada mulang gawe ti kebon. Tarawangsa pada mikawanoh deui, malah kaum akademisi mimiti daratang ti Bandung. Harita nu di ajar teh ti Kokar (SMK 10), jeung ti ASTI (STSI). Malah loba nu nyieun tugas ahir ngeunaan tarawangsa, di antarana aya nu nyieun skripsi, tesis jeung desertasi. Mang Yaya ge remen diogan ka Bandung pikeun jadi guru tamu atawa dosen tamu. Malah kungsi magelaran di gedong kasenian di Bandung. Kungsi maen di TVRI Bandung jeung di RRI Bandung. Malah pelukis teureuh Rancakalong, Umar, remen ngabringkeun turis asing pikeun ngadongdon tarawangsa. Ngeunaan tarawangsa geus kaambeu ku internasional jeung nasional. Sababaraha mahasiswa asing nalungtik ngeunaan tarawangsa jang kapentingan tesis katut desertasina. Tapi Mang Yaya mah angger kitu, peutingna manggung, teu sare ti jam 8 parat nepi ka subuh. Nabeuh bari sila, ngaladenan nu ngigel. Ti mimiti acara ngalungsurkeun nepi ka nginebkeun, rema-remana teh ngulinkeun keset jeung senar. Minangka ubar tunduhna teh ngaroko jeung nguyupan cikopi nu liket. Hayang kahampangan ge ditahan, lantaran saha gantina atuh mun anjeunna nyelang heula mah. Jarang jalma nu biasaeun ngeset, beda jeung nu ngacapina, loba nu bisaeun. Sigana alatan loba nahan kahampangan, jeung terus-terusan nguyupan cikopi, “kantong kemihna” ayeuna kaserang kasakit. Mang Yaya ngajoprak teu bisa kahampangan. Teu walakaya. Sang seniman teh ukur bisa humarurung. Geus beak nanaon keur uubarna. Cenah kudu dioprasi. “Duit ti mana atuh keur ngaoprasina. Keur kontrol ge kawalahan. Geus lieuk euweuh ragap taya ayeuna teh!” ceuk Bi Erah dibarung ku nyegruk ceurik. Cenah, kahayang mah dibawa ka Bandung, ka Rumah Sakit Hasan Sadikin, tapi teu boga waragadna. Pemda Kabupaten Sumedang, utamana dina pariwisatana teu ieuh paduli ka Mang Yaya nu kungsi nyeungitan Sumedang dina seni tradisina. Kitu deui Bupati jeung rengrenganana, can aya kanyaahna ka seniman nu ayeuna teu walakaya alatan teu boga duit jang uubar. Mang Yaya memang geus teu walakaya. Ukur ngajoprak dina kasur. Kahampanganana geus make selang, da puguh taya waragad keur ngoprasina. “Mang Yaya teh gede jasana kana kasenian tarawangsa. Lian ti ngajaga, ngamajukeun, oge ngadidik nonoman sangkan resep kana eta seni. Malah para akademisi di Bandung, loba nu geus jadi jelema nu baheula mah panalungtikanana teh ti ieu lembur. Tapi, ieu no boga jasana teu dipirosea. Dina kaayaan keur kaserang panyakit parna, boro-boro aya nu nempo, dalah pamarentah ge apilain pisan. Harianeun…” ceuk Ajang nu ngaku bisa nabeuh teh alatan diwarah ku Mang Yaya.*** Dicaritakeun ku Usman Supendi. Kontak ka putrana: Jajang Koswara 085221360165
Mang Jamrud 13/09/2008
sampurasunn... nuju dimana yeuh,... emut keneh ka abdi? upami emut tipayun abdi tepang munggaran sareng salira, niti mangsa nuju ngabubur di payuneun bank jabar braga tea... emut panginten nya? sementawis mah cekap sakieu heula, tawis panglayad ti simkuring .. punten tumaros dupi eta balong teh seureu jaer na?? he he, nuhun kang dadan mang jamrud
Rohmat 10/09/2008
Aww. Kang Dadan Meni wararas pisan, komo lamun ninggali alamat anu ngadevlopna, urang tanjung sari jeu apal daerah Rancakalong, da simkuringteh alumni SMP Rancakalong 86, SMA Tanjung Sari 89, ngamumara ka Medan. Sakali deu wilujeng ah, mudah-mudahan langkung berkembang. Wassalam Rohmat Medan
abu kawni 04/09/2008
kapungkur tau daluang teh dari kang permadi atao kang jaya safari gunawan.... kamarana nya anjeuna teh.... manawi aya laaratanana
Dodi Eka Pratama 30/08/2008
Cep Dadan kumaha damang? Alus euy web site-na HADE PISAN.... Dan, kang Dodi teh ayeuna keur nyieunan miniatur gamelan Sunda jeung alat musik Sunda lainna, bisa ditingali dina blogsite kang dodi... http://waditracraft.blogspot.com atawa http://ekspresi-jiwa.blogspot.com. Hatur nuhun kasep.........
Alhamdulillah Kang Dodi. Mun tiasa mah nu didamel miniatur teh sanes mung gamelan wungkul... abdi hoyong gaduh miniatur gamelan. Nu kabayang teh kacipta mun Kang Dodi ngadamel miniatur tongo... jadi saageung kumaha nya?**(Dadan Sutisna)
IMAS NURHAYANI,SE 11/08/2008
SALAM KENAL Dengan FRONT KOMUNITAS INDONESIA SATU (FKI-1, Ormas Independen). Utk lebh mengetahui kegiatan dan AD/ART FKI-1 dpt dilihat di Website:www.apindonesia.com (Klik LOGO FKI-1). Terimas Kasih. Imas Nurhayani,SE. Sekretariat.Gd.Dewan Pers.Jl.kebon Sirih No:32-34 Jakarta Pusat. Tlp:0213503349, 3864167, 0818798586. Email:satufki@gmail.com.
Nandang Darana 30/07/2008
sampurasun... resep ogé mukaan wéb nu dadan. alus, euy... nandang darana
Susy Ul' Farida 23/07/2008
Salam Sukses, Saya bekerja di salah satu perusahaan dimana kami juga bergerak dalam bidang penerbitan buku yang selama ini masih berkecimpung di dunia buku untuk anak-anak. Apabila berkenan, ingin rasanya kami memiliki kesempatan untuk bisa menerbitkan buku-buku karangan anda. Mohon info lebih lanjut. Terimakasih. Susy Ul' Farida Marketing Manager
Dadan Sutisna 14/07/2008
@Aldi - 14-07-2008 pukul 12.05
subtitlesnya indonesia ya kang. Smoga kdepannya bs mnjadi wadah sarana lintas seniman&budaya tanah air.Iya, lagi dipersiapkan Kang Aldi. Nuhun atas kunjungannya...
Dadan Sutisna 14/07/2008
@D_Pramanik - 14-07-2008 pukul 03.12 Wass. Wr. Wbr. Muhun, abdi mah langka muka FS, teh. Nembe ngalongok deui. Mangga bade dicandakan ge ari kanggo mah, hehe. Salam, Dadan Sutisna
Aldi 14/07/2008
Wah situs kangdadan tmbah kasep kang,mengalami penghijauan sedap dpandang.sy request subtitlesnya indonesia ya kang. Smoga kdepannya bs mnjadi wadah sarana lintas seniman&budaya tanah air.
D_Pramanik 14/07/2008
Ass. Kang Dadan... (sateuacanna..hatur nuhun tos komen di fs) Punteun yeuh kang saparantos na muka web kang dadan seueur pisan kosa kata anu dipulungan ku abdi kaleubeut eta si daluang heheh. Teu amit heula..langsung wae di pulung...leureus ieu web seueur mangpaatna.. di MP abdi diserat oge eta 'daluang' nyatut ti web kang dadan..naha teu acan dibuka deui fs-na, abdi ngintun msg di fs dugi ka tilu-na.. Hatur nuhun kang..wassalam -D_Pramanik-
Dadan Sutisna 01/07/2008
@Sudarman Sopian - 01-07-2008 Mangga, komo Maronggé, penting...
Sudarma Sopian 01/07/2008
Ngiring ngalangkung, kang. Sing seueur info sumedang na, ti ngawitan sayang dugi ka maronge. Ku abdi ditempelkeun link na nya di blog.
Dadan Sutisna 30/06/2008
Nuhun, Kang Bagus. Nya ari Gunung Geulis mah unggal dinten ge kasawang....
bagus 30/06/2008
salam...... ngiring bingah....sae pisannnnn nepangkeun, wasta teh bagus , di gunung geulis (panorama jatinangor) kadakajaya teh dimana nya kang
inda suhendra 26/06/2008
ngiringan sakedik kang dadan aduh sae pisan ieu website teh ngemutkeun ka lembur nyalira abdi mah ti pangandaran salam kanggo ka sadayana nya
cecep 04/06/2008
Salam kenel kang Dadan, website na sae pisan. seer mangfaatna kanggo nu hoyong terang tentang perkembangan tatar sunda. kang abdi hoyong terang upami meser VCD "Kang Ibing: Mapag Pilkada di Rancaoa" dimana nya. abdi hoyong gaduh. nuhun
teh nenet 01/06/2008
Dan sae pisan ieu web teh.. seur mangfaatna.mugia wae mangfaat kangge sadayana. GOD JOB BRO!
gajahkurus 22/05/2008
Sampurasun, Sae pisan ieu web, seueur pisan nu tiasa dipulungan ku sim kuring. Reueus ku ayana ieu web, ciri yen seueur urang Sunda nu motekar sapertos Kang Dadan Sutisna. Upami diwidian hoyong ngelink ieu web dina blog sim kuring. Hatur nuhun sateuacanna. Salam baktos
Daluang Bookstore 14/05/2008
Salam kenal dari Daluang bookstore. Semoga web ini makin membuka tabir gelap sejarah tatar pasundan.
Salam kenal juga. Semoga Daluang bookstore juga tetap konsisten menjaga kertas tradisional kita agar dapat digunakan sepanjang masa.
wita darmansyah 12/05/2008
ass.wr.wb pak dadan, saya sedang mencari kudapan2 tradisional sunda (khususnya kolontong,opak & sale cawu) tapi sayang sekali di web ini tidak terdapat penjelasan yag lebih detail mengenai bahan,sejarah & folklore-nya. mohon informasi, hal2 tsb bisa saya dapatkan di mana ya? terima kasih banyak sebelumnya. hatur nuhun pisan (maaf, kalo basa sundanya ga halus, maklumlah, sunda swasta, hehehe) wassalam
Entu Sutisna 09/05/2008
Wilujeng tepang /salam baktos ti urang cileunyi wetan Abdi ngaraos reu'eus ku ayana urang sunda nu leuwih calakan sareng kreatif ngagaduhan website ieu, anu mudah-mudahan sukses jeung leuwih maju dina raraga ngembangkeun budaya sunda. Salam Entu Sutisna Pajaten/Cilenyi wetan
R. Ganida Sunarya Kusumah 19/04/2008
nepangkeun ah abdi Nonoman Sumedang... aya reuwas aya bingah pas nmbe terang ieu website... sing sukses ah...
Nenen Gunadi 12/04/2008
Salam tepang ti Kanada, Kang Dadang web sitena mani bermanfaat pisan, good job! Kumaha lamun dilink di web site abdi di www.nenensnest.com Baktos, Nn G Edmonton, AB, Canada
aLdi 09/04/2008
Mohon kesediannya u/ melihat personal inbox dadansutisna yg ada di kaskus.us . Semoga berkenan.
Sandekala 27/03/2008
Silahkan cek http://teater-sandekala.blogspot.com/ untuk rencana pementasan teater Sandekala adaptasi novel karya Godi Suwarna
Popon Saaadah 14/03/2008
Hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka blog sim kuring. Hatur nuhun deuih kana komentarna anu ngajantenkeun sim kuring langkung sumanget nyerat deui dina blog.
Ibrahim 09/03/2008
7 Langkah Mudah Menjadi Webmaster. Apakah benar buku itu karangan anda ? jika iya tolong e-mail balik
Benar, Kang Ibrahim. Tentang pertanyaan yang dikirim ke email, insya Allah saya akan membahasnya di sini. Terima kasih. (Dadan Sutisna)
uwa fz deui 04/03/2008
Bade nyuhunkeun widi blogna Dadan ku uwa di add teu nanaon nya? atuda ameh babari uwa muka na uwa resep macaan carita sunda....nuhun.....
Mangga, ari kaanggo mah... :)
uwa fz 04/03/2008
Assalamualaikum wr wb Nepangkeun ah sim kuring sok di sebut uwa...Uwa fz.....duh meni sae iyeu blog teh aya dua bahasa....Jadi mun nu teu tiasa sunda tiasa muka Indonesia. mun nu rsep sunda siga sim kuring tiasa maca sundana...jeung deui meni apik.jeung sarae eusina naha Dadan Sutisna teh guru???
Nuhun tos nganjang ka "rorompok". Duh, paralun teuing, abdi mah sanés guru. Janten murid gé teu acan réngsé. Éta mah mung ladang kutrat-kotrét wé, tambi ngalamun.
Asep kehed (ja'i) pasirbiru rancakalong 01/03/2008
Ehm..sampurasun kang dang..abdi tos 4 dinten karalang kuriling di site akang..jd hoyong ngiring diajar sagalana ka kang dadang..hehe..punten, kenal sareng pa wahyu tukang supir pasangrahan tanjungsari kang? Punten pisan salam ka anjeuna..
Haturan wilujeng tepang di dunya maya, Kang Asep. Atuh Rancakalong mah pangulinan, jaman keur sakola mah. Malah di Pasirbiru ge gaduh keneh rerehan. Kapungkur sok nikreuh ti Pasirloa ka Rancakalong teh, ngaliwatan pasir. Lajeng ka supi rpasanggrahan mah insya Alloh terang. Jaman sakola pan tutumpakan teh mobil dolak nu ti Pasanggrahan. Ke mun tepang didugikeun. (Dadan Sutisna)
asepsajah 26/02/2008
Assalamu'alikum ! Busyet dah... keren-keren.....! Eta aya kituna... leukeun, emh ..... nyaan muji ! alhmadulilah, langkung seueur urang sunda anu kreatif (abdi mah jadi muriding ieu teh, ngiri deh gue !) Mudah-mudahan seuer anu uninga ka na kieu site, ngarah seuer anu kenging mangfaatna. Wilujeng.... wassalamu'alaikum wr wb.
Dhipa Galuh Purba 25/02/2008
Wah, alus Dan Alhamdulillah... hade pisan ieu web teh. Wilujeng ah... ngiring bingah. Mugia sing bisa makalangan kalayan gandang di dunya maya... Dhipa Galuh Purba
