Gémbolan (Paket) Unicode Aksara Sunda v.1.0.0
Sejak tahun 2005, aksara Sunda telah sering dibicarakan di Internet, terutama pada milis Kusnet. Awalnya, ada anggota milis memasukkan dokumen aksara Sunda dari salah satu buku aksara Sunda, dalam bentuk digital. Dokumen aksara Sunda tersebut membawa inspirasi Kang Dian Tresna Nugraha untuk membuat font aksara Sunda yang dinamai Ngalagena. Font tersebut menggunakan set karakter Latin-1.Atas dukungan anggota milis lainnya, Kang Dian kemudian mengadakan korespondensi dengan Michael Everson untuk mengajukan proposal agar aksara Sunda dimasukkan ke dalam Unicode. Setelah menunggu hampir 3 tahun, akhirnya pada April 2008, aksara Sunda remsi menjadi standar Unicode. Pada Februari 2008, Dinas Pendidikan Jawa Barat melalui Balai Pengelolaan Bahasa Daerah, memfasilitasi kegiatan Unicode Aksara Sunda tersebut dengan membentuk sebuah tim, yang diketuai oleh Oman Abdurrahman, dan bertugas untuk membuat standardisasi aksara Sunda. Misalnya, dalam bentuk aksara. Undang A. Darsa, salah seorang ahli aksara Sunda yang juga peneliti naskah-naskah Sunda kuno, mengusulkan bahwa bentuk aksara Sunda standar ditulis dengan bentuk sans-serif, tanpa kait, dan juga tidak tipis tebal. Alasannya, pertama, untuk memudahkan pembelajaran aksara Sunda, dan kedua, merujuk pada naskah-naskah yang telah ia baca.
Contoh bentuk font aksara Sunda. Latar hijau yang standar, latar kuning variasinya. Atas usulan tersebut, kemudian dibuatlah bentuk baku aksara Sunda (termasuk juga dalam fonta). Meski demikian, ada kebebasan pada siapapun untuk mengembangkan aksara Sunda dalam berbagai variasi, seperti layaknya tipe huruf yang ada pada aksara Latin. Beberapa kegiatan yang telah dilakukan oleh tim tersebut, antara lain:
- Penyusunan buku Direktori Aksara Sunda untuk Unicode
- Pembuatan font Unicode Standar aksara Sunda
- Pembuatan keyboard driver untuk aksara Sunda
- Pembuatan template makro untuk transliterasi dari aksara Latin ke Aksara Sunda.
Saya dan Kang Dian, kebetulan menjadi bagian dari tim tersebut, dan kemudian menyusun font Sundanese Unicode (ttf/otf). Font tersebut dibuat berdasarkan usulan para ahli aksara Sunda, baik bentuk, ukuran, maupun komposisinya. Dirancang menggunakan FontForge dengan sentuhan kerning dan reordering menggunakan Microsoft Volt. Untuk sementara, transliterasi menggunakan makro pada Microsoft Word dan OpenOffice. Tetapi untuk ke depan, mudah-mudahan dapat dibuat juga aplikasi transliterasi Latin-Aksara Sunda dan sebaliknya, baik stand alone maupun web-based.
Contoh Penulisan Aksara Sunda
Bagi yang ingin mencoba, bisa ngunjal file-nya di sini:
Komentar Lainnya (55)
ardiyan 18/03/2009
Atur nuhun kang, abdi Urang Jawa, tapi seeur klien anu nyungkeun font Sunda. Font ini membantu saya sekali lagi Atuur Nuhun pisan Kang Dadan
Anoeri 15/03/2009
AksaraSunda tah eta koncina anu tiasa kusimkuring dianggo mah... alhmadulillah saparantosna panginten aksara sunda tiasa di robih - robih janten aksara latin panginten naskah - naskah sunda urang baheula tiasa langkung digali rujukan arahan sareng maksadna pikeun dilarapkeun kanggo ngabangun sareng ngahirup - hirup deui budaya sunda ngalangkungan piwejang pangeling - ngeling pupuhu karuhun urang sunda. sunda ... sakaterang sim kuring mah cikal bakal budaya pang buhuna nu aya di nusantara nya panginten upami tiasa kagali rusiahna tiasa janten nyawa pikeun hirupna deui budaya
abenk 25/02/2009
cing naon passworna???meni sesah kabukana!!!haturnuhun
R.M.A. Ahmad Said Widodo, A.G. 05/02/2009
Hapunten sim kuring geuning lepat, anu dimaksad teh Pangersa Aa Dian Tresna Nugraha saparakanca, sanes Pangersa Aa Dadan Sutisna. Hapunten kalepatan sim kuring dina ngintun serat mung sajorelat ieu. Hapunten. Hatur nuhun.
R.M.A. Ahmad Said Widodo, A.G. 05/02/2009
Syukur Alhamdulillah, geuningan seueur oge anu ngeusian komentar dina kaca / halaman ieu. Pamugia tiasa janten ajang silaturahmi para mitra, hususna urang Sunda. Hatur nuhun pisan ka Pangersa Aa Dadan Sutisna anu parantos gaduh pokal dina raraga ngamumule basa jeung sastra Sunda. Nuhun.
adie 28/01/2009
kebetulan TA saya mau ngebahas tentang aksara Sunda Cacarakan atau hanacaraka, awalnya ga ada masalah, tapi tadi kata pembimbing saya ternyata sekarang yang udah jadi standarisasi aksara Sunda bukan cacarakan tapi kaganga... otomatis saya harus ngulang lagi dari awal karena takut terjadi perdebatan saat sidang nanti... saya bingung, saha harus gimana??? nama aksara yang di atas namanya apa?? apa benar itu aksara kaganga???
septiadi 06/01/2009
pami hoyong font sunda versi 5.0 kedah kamana ?
septi 06/01/2009
pami hoyong font sunda versi 5.0 kedah kamana ?
uaduq 31/12/2008
kang nu ieu nyungkeun idin bade ditumbukeun ka blog kuring. jeung blog akang ge rek disuhunkeun tumbuna ah. tapi moal ngantosan idin medal ti akang ketang heuheu.... ke mun akang teu ngidinan kakara ku kuring tumbu akang di blog kuring dirupus. o enya bagea tepang deui kang dadan, urang kungsi tepung basa hbh kusnet di jatinangor, jeung sawala kisunda di wisma unpad tea....
Riki 17/12/2008
Mangpaat pisan kang unicode aksara sunda na...sim kuring milarian samemehna meni hese pisan dugikan ka mendakan guru bahasa sunda tilas sakola teu mendak oge, eh ahirna mendak didieu..hapunten bahasa sunda sim kuring teu leres..
hamdan garut 17/12/2008
hatur nuhun pisan akang abdi bade nyobian softwarena unicode aksara sunda mudah2han simkuring janteun teu hilap kana bahasa sunda, salam kenal wae ti sim kuring anak sd ti garut
angga 13/12/2008
pami parantos ngunjal file aksara sunda, teras di kumahakeun?
WordPress | Sunda » Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda 11/12/2008
[...] Tulisan Kang Dadan Sutisna, salahsaurang anggota Tim Unikode Aksara Sunda, bisa dipaké cecekelan munggaran pikeun anjeun. Mun anjeun pamaké komputer nu resep uprak-oprék dina sistem Unix, tulisan Kang Jay dina basa Indonésia, Sundanese Phonetic Input Method, bisa dijadikeun référénsi penting. Kang Jay ku anjeun maparin pituduh awal dina cara maca jeung nulis aksara Sunda, hususna pikeun anu tacan mikawanohna. [...]
Dian Tresna Nugraha 11/12/2008
#42: dupi errorna kumaha nya? seratan siga kumaha anu matak error? #43: Cobi tingal di dieu: http://jamparing.sytes.net/aksara/index.php?q=node/32 Memang sababaraha program masih teu acan leres ngadukung standar OpenType. Jantenna kitu.
dé Nasrul 11/12/2008
Sampurasun, Kang, dina Google Crome teu acan kompatibel kituh? Abdi nyobian di kaca ieu rarangkén é-na bet janten palih katuhu. Upami ngganggo panyaba sanés mah saé, sanaos dina IE 7 mah semu acak-acakan. IE 6 sareng Opera ogé teu acan kompatibel nya? Tapi Firefox mah saé pisan eung! Hébat!
hahn 10/12/2008
hatur nuhun kang makro kanggo openOffice tos tiasa diinstall (dicobi di linux, duka di windowsmah). mung fasilitas konversi sunda ka latin masih error... janten teu tiasa konversi ka latin. (punten teu tiasa ngalereskeunana, teu ngartos (nganggo phyton?) hehe...) teras upami hoyong nyerat otomatis (di oOo/linux) kumahanya, janten teu nganggo fasilitas makro eta? sapertos nyerat tulisan jepang kitu... maon wae nu kedah diinstal? hatur nuhun. hahn
Candra 07/12/2008
Hatur nuhun kana link downloadna. Sanaos teu ngaluuhan kana seminarna ge, teu burung ngagembol unak-anik Aksara Sunda Unicode. Parantos dipecakan dina komputer. Sae pisan. Namung rupina aya keneh pasualan (cek legegna mah bug meureun nya). Bugna nya eta aya sawatara konsonan rangkap dina unggal kecap nu teu tiasa diserat kalawan otomatis dina Ms. Word ngangge macros Aksara Sunda. Conto kecapna nyaeta /swara/ jeung /dwi/. Mun eta kecap diserat kalawan otomatis, aksara sunda nu kabaca jadi /sawara/ jeung /dawi/. Jadi mun hoyong leres nyeratna kedah manual wae. Tapi, hususna konsonan rangkap nu aya sora /r/ jeung /y/ tiasa keneh diserat kalawan otomatis kumargi aya tanda vokalisasi (leres teu istilahna, asa teu merenah nya?) panyakra pikeun sora /r/ jeung pamingkal pikeun sora /y/. Lebah dieu sigana cukang lantaran ayana bug dina Aksara Sunda Unicode versi munggaran teh. Mangga sakieu heula wawaranna, kapayunna panuhun Kang Dadan saparakanca tiasa ngungkulanana. Hatur nuhun.
hahn 07/12/2008
nuhun pisan kang...
Dian Tresna Nugraha 07/12/2008
Tos sayogi révisi 1.0.5 nu pangweuteuhna di: http://jamparing.sytes.net/aksara/?q=node/46
Dian Tresna Nugraha 07/12/2008
Makro pikeun Openoffice.org, tiasa diunjal ti: http://jamparing.sytes.net/aksara/index.php?q=node/43
hahn 06/12/2008
kang simkuring parantos ngunduh. mung geuning teu aya file nu kanggo openOffice nya? nuhun
hilman 03/12/2008
Duh..... Alus pisan euy........
daud 29/11/2008
can nyoba nginstall mah ieu teh, tp kataji lah. ngunjal file parantos, nyatet sagala nu kinten2 diperyogikeun oge tos didukumentasi. mung samentawis mah ngantos heula perkembangan ah
firman 26/11/2008
naha unggal download tos 64% langsung stop teu dugi ka beres nya kunaon tah . nuhun . nepangkeun ah sakalian
Iyus Bandung 20/11/2008
Hatur nuhun ka saha saha bae anu atos ngarojong sareng nga wujudkeun proyek ieu. Mugi mugi usaha anu sae ieu teh di bales ku Gusti Alloh ... Amiiiin
Urang Tasik 16/11/2008
Alus euy... ngan hate teh ngarasa rada² agul Tiasa dicobian ngadamel tugas Basa Sunda di sakola :D
Dedy 14/11/2008
Puji Raharja, rehna parantos medal unicode aksara Sunda. Panuhun, mugia versi 1 ieu tiasa langkung enggal di kotektak deui supados langkung sampurna. Hatur nuhun ka salira anu parantos kersa ngabagi pangaweruh kanggo kamekaran budaya Sunda utamina kamekaran Kisunda. Diantos pisan versi anu langkung sampurna ti nu parantos katampi. Cag. Rahayu.....
R.M.A. Ahmad Said Widodo, A.G. 12/11/2008
Assalamu 'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh, Alhamdulillah geuning parantos aya Aksara Sunda Kaganga dina dunia teknologi informatika, nyaeta mangrupi Gembolan (Paket) Unicode Aksara Sunda v.1.0.0. Sim kuring ngiring bingah. Saemut sim kuring memang parantos aya sababaraha jalmi anu nalungtik Aksara Sunda Kaganga ieu teh. Kalebet Almarhum Prof. Dr. Edi Suhardi Ekadjati. Malihan di Purwakarta oge aya hiji tokoh atikan anu kenging disebat ahli filologi Sunda, nyaeta Drs. Ending Muhidin, M.Pd. anu parantos mangtaun-taun nalungtik sual ieu. Malihan mantenna oge parantos nyerat buku-buku atikan, Aksara Reujeung Basa Sunda, teu kakantun oge buku-buku Aksara Sunda Kaganga Reujeung Aksara Sunda Hanacaraka (Cacarakan). Nanging geuning eta, sanaos mantenna parantos kenging 'lampu hijau' ti pak Ekadajti pikeun medarkaeun buku-buku seratanana, hanjakalna dugi ka dangeut ieu teu acan bae dipedarkeun. Janten bae kalalangkungan ku pihak sanesna. Nanging teu sawios-wios, da apan Aksara Sunda Kaganga mah milik urang sarerea, malihan dugi parantos janten aksara sadunia. Hatur nuhun ka pihak-pihak anu parantos gaduh pokal reujeung tarekah dina widang ieu. Bobo sapanon carang sapakan, sasieureun sabeunyerun, pamugia aya mangpaatna. Wassalamu 'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
kakang_sonychi 12/11/2008
wilujeng, kana tos tiasana akasara sunda kana komputer mugi-mugi ka payunna sanes aksara sunda wae anu tiasa di anggo dina komputer, mudah mudahan aya programnu lian anu nganggo bahasa sunda amiiiiiiiiiiiiiiiiiiinnnnnnnnnnnnnnnnnnnn
astriadi 10/11/2008
sip ah... didukung pisan... mugi2 engke mah mun nginstall teh teu kedah kaditu-kadieu heula... (lieur euy ^^) sugan we jiga nulis basa Arab dina komputer, tinggal ngobah nu dijuru (jiga EN=english, AR=Arabic, IN=Indonesian) janten SU=Sunda.. hebat lah urang Sunda mah......... hatur nuhun kanggo nu tos ngadamel unicode ieu
ilham nurwansah 10/11/2008
kanggo ngadamel rupi-rupi stylefont sapertosna peryogi aya wadah husus di internet supados padamelanana tiasa konsen sareng tiasa seueur nu ngarojong.
Dian Tresna Nugraha 01/11/2008
Numutkeun salah sahiji komponen dina Ms Windows pikeun nyerat "complex script" nyaeta Uniscribe (usp10.dll). Komponen ieu ayana dina instalasi program Microsoft Volt: http://download.microsoft.com/download/2/0/9/2096b53d-1752-47ba-849f-815c477ee884/MSVOLT.exe
Jay adalah Yulian » Metode Input Fonetik Aksara Sunda di Mac OS X 01/11/2008
[...] Dengan lengkapnya aksara konsonan dan vokalnya ini saya mencoba membuat metode input fonetik aksara Sunda dengan keyboard Latin. Saat ini baru di sistem operasi Mac OS X dan sangat terbantu dengan font Sundanese Unicode. [...]
teh nenet 01/11/2008
Wah hebring pisan.. pokona superlah. cik teteh software aksara sunda unicode. sugan tahun payun tiasa nyerat aksara sunda. cikk atuh....alungkeun atuh ka dieu?teu sabar ti basa eta ngantosan.ayeuna tos aya. cag ah. tehnet nu keur ngantosan aksara sunda.
Kang Gde 01/11/2008
Tah kitu-lah ... asal keyeng tangtoe pareng ..... hatur nuhun sateuacanna, diantos pisan. Wass.
Kriesna Jumena 31/10/2008
Kang ....!!!! Nuhun kenging ngunjal file na, ayaan gening tah aksara teh eces tur jentre mun dina sora mah jelas tur nyacas mun dina paninggal mah. Reueus kang, nuhun ah sim kuring ngarojong pisan
Kriesna Jumena 31/10/2008
Kang...!!!! Rek nyobian ngunjal file na manawi sareng manawa tiasa ngalarapkeun dina komputer kuring yeuh. Nuhun......pisan
Galih J. 31/10/2008
Nuhun pisan Aksara Sundana!!!!
Dadan Sutisna 31/10/2008
@Kang Gde @Firman Maulana Mugi-mugi abdi saenggalna tiasa ngadamel Panduan Nganggo-na nu lengkep, kalebet ngungkulan upami aya masalah dina instalasi. Hatur nuhun. Ke dijaprikeun kana email...
Ophie 31/10/2008
Kang pol pisan kana Aksara Sundana tos tiasa jadi bahasa dina komputer saya dukung salami kang!!!maju terus urang Sunda tong eleh ku bangsa sejen!!!jadikeun bahasa Sunda jadi bahasa Persatuan Tatar Parahiangan!!!okley kang??? hatur nuhun
Firman Maulana 30/10/2008
Kang, upami nganggona di Microsoft Office Word 2007 kumaha? Lieur euy
sonny 30/10/2008
manawi bade nyobian ahhhhh, sugan tiasa dibagikeun ka rerencangan guru2 bahasa sunda di cisarua sumedang hehhehe nuhun a
Ksatria Langit 30/10/2008
alhamdulilah saparantos na ningal launching unicode aksara sunda abdi langkung nyaah ka sunda teh hayu atuh baraya urang dukung kamajuan sunda hatur nuhun ah ..di unduh heula source na
Kang Gde 30/10/2008
Tulung ... tulung ......!!! Kang ......, Panuduh parantos dilakonan ........ 2. ntos .... 3. ntos .... Tapi sihoreng teh angger bae, nya ....!? Padahal dicobian dina 2 PC, sami mawon ......... Kumaha amal kitu ... tanapi .... pedah basa meser PC-na harita teu dibubur beureum bubur bodas kitu .......!? ha.... ha.... ha.... Meni gararetek yeuh .....! nuhun,
Asep Kuswara 30/10/2008
Kang Dadan, lamun hoyong nyobian software sundaness unicode naon wae anu kedah di install, sareng lamun tiasa hoyong diterangkeun urut-urutanna hatur nuhun kang
kurnia 30/10/2008
kang abi peryogi pisan softwarena kanggo penunjang buku pelajaran basa sunda SMP kaleresan abi tukang setting, tah kumaha carana pami bade ngadownload softwarena. hatur nuhun
LieZMaya 30/10/2008
Alhamdulillah, nyobi :D
Dadan Sutisna 29/10/2008
@Kang Gde Perkawis aksara nu numpuk mah, eta aya sababaraha kamungkinan. Kahiji, sistemna teu acan ngarojong OpenType, tapi da asana jaman kiwari mah meh sadaya aplikasi komputer tos nerakeun OpenType.Kaduana, upami nganggo tiasa dicek ti dieu: 1. Buku Control Panel, teras buka Regional and Language Options. 2. Klik tab "Languages", teras contreng pilihan "Install files for complex script". Biasana sok teras nyuhunkeun file tina CD Windows XP, pasihan bae tong dikoretkeun, hehe. 3. Tong hilap keyboard Driver Aksara Sunda-na dipasang heula (SundaKb1_i386.msi) Hatur nuhun.
Jay adalah Yulian » Aksara Sunda di Unicode 29/10/2008
[...] Pengetesan menulis aksara Sunda dengan HTML Entity. Aksara akan tampil jika sudah menginstall font Pakuan Unicode. [...]
Kang Gde 29/10/2008
Kang .... Punten yeuh .... masih panasaran. Nyambung nu kamari saperkawis nyerat KEUR - JEUNG - katambihan HIBER - MUNDING, jrrd. Geuningan saparantosna ningali conto uleman "GELARING UNICODE AKSARA SUNDA", sihoreng nyerat KEUR teh pami nganggo keyboard: k]Q. Tapi hasilna teh janten numpuk, nya ....!? Naha aya trik khusus kitu ......!? Atanapi tiasa ngageser rada ka kenca kanggo: panghulu (sora i), pamepet (sora e), & paneuleung (sora eu). Kitu oge, tiasa rada ngageser rada ka katuhu kanggo: panolong (sora ng), paneleng (sora r). Pami teu lepat mah samodel kanggo: panyuku (sora u), panghulu (sora -r-), panyuku (sora l). Mangga mung sakitu heula, hatur nuhu.
Fahrul 29/10/2008
Punten kang, upami officena 2007 kmh tah?rada lieur menu-na ieu teh ...
Kang Gde 28/10/2008
Wilujeng Kang ...... Beuki bagja pisan yeuh salaku warga sunda teh ..... Parantos dicobian .... langkung sae sampurna tibatan V-01.1-PakuanLatin. Mung waktos dicobian teh aya karerepet ngeunaan panulisan "KEUR" atawa "JEUNG". Cingan nyuhungkeun pituduhna. Hatur nuhun.
Hasan 28/10/2008
Wah alus pisan, geus di uji tur hade pisan. Sukur atuh ari geus di standarisasi mah hebring pisan....
Dadan Sutisna 27/10/2008
Ieu koncina: AksaraSunda
Tukang Ngotektak 27/10/2008
Geus nyobaan tapi geuning dikonci, euy.... naon atuh koncina?

