Awéwé Palebah Imah nu Hieum (2)
Ku DADAN SUTISNA
Sajeroning ngobrol teh, kuring teu eureun rarat-reret ka sakuring rohang tamu. Ukur sacaang-caangna ku cahaya lilin. Hareupeun pisan, lebah tembong, ngajeblag pigura siga dipake nyimpen lukisan. Teu sidik lukisan naon-naonna mah, wantuning poek tea.
Sajongjongan ngabaretem.
“Sok seueur Neng nu lebet ka dieu?”
Manehna ngareret ka lebah patengahan nu pantona molongo.
“Ah, teu seueur, Kang. Nya upami siang mah, sok aya barudak nu ngadon arameng di dieu. Nanging biasana mah di buruan we, tara aya nu wantun lebet ka bumi.”
“Naha”
“Duka atuh, sigana pedah tarerangeun di lebet aya abdi, janten sieuneun, hehehe.”
“Naha bet sieuneun?”
“Nya tos kajudi eta mah. Sadayana ge pasti nganggap ieu bumi teh kosong, taya nu ngeusian. Padahal mah teu kitu. Tos dua puluh taun abdi dumuk di dieu…”
“Asa teu kahartos Neng. Mani teu aya kakeueung calik nyalira dieu …”
“Muhun, da eta mah emutan jalmi borangan.” pokna.
Jem baralem deui. Kuring mah asa keur ngimpi ieu teh. Ku teu nyangka tuda, imah hieum nu sok kaliwatan unggal poe, meh salila dua puluh taun, ayeuna kudu dianjangan. Bari lain wayah lain usum deuih. Estuning tengah peuting jemplang-jempling.
“Bilih bade ningal rohangan sanesna, mangga ….” pokna. “Mung punten we paroek. Nanging teu sawios da aya lilin. Lumayan tiasa nyaangan najan ukur reyem-reyem.”
Teuing awahing panasaran, atawa pedah keur asa katenung, basa manehna cengkat, kuring ge milu cengkat. Manehna ngalengkah ti heula bari mawa lilin nu seuneuna luak-leok katebak angin. Sup ka lawang patengahan. Sarua paroek. Cahaya lilin teu kuatan dipake nyaangan sakabeh rohangan mah. Ukur sawatara bagian bae nu kajeueung.
“Tah ieu patengahan, Kang. Lumayan lega. Tuh, palih ditu, di juru nu aya lomari antik, abdi dilahirkeun teh. Upami teu lepat mah da teu ditilaman-tilaman acan.”
Enya bae mani lega patengahan teh. Abong ti luar ge, ketembongna ieu imah ngajungkiring gede naker. Henteu sidik aya naon di patengahan. Ukur nu kacaangan ku lilin we nu katembong teh.
“Kamari aya opat, sareng di pengker. Tah nu caket ka lawang dapur, eta kamar abdi. Bade ningal?” pokna.
“Ah, teu, teu kedah…”
“Ih, bilih hoyong terang we ieu mah. Saurna Akang salami 20 taun sok ngalangkung ka dieu, ningal jungkiringna ieu bumi. Tangtos we panginten panasaran aya naon di lebetna. Tah ayeuna, meungpeung aya kasempetan, hayu urang tingal …”
Kuring ngan kurang-kerung. Ceuk pikir, saha anu panasaran hayang asup ka imah nu ceuk saliwatan teh siga tempat panonoban sabangsaning jurig. Tapi manehna leumpang muru ka kamar. Jeung anehna kuring nuturkeun.
“Tuh, tempat sare abdi. Teu make kasur, Kang. Ah, da raoseun, masih teu dikasuran ge. Tibra we mun bobo teh. Ukur kitu we geuning Kang, nganggo dipan tina kai.”
“Naha wayah kieu Nyai bet nyaring keneh?”
“Abdi mah tos biasa mun bobo teh siang. Wengi mah kieu we, nyileuk. Duka ku naon da ngadadak laleungit pitunduheun teh. Paling mun wengi-wengi abdi ngadon ngalangeu di teras payun. Upami aya bulan sok bari ningal bulan. Kaleresan waktos tadi abdi nuju nyawang bulan, bet ningal mobil eureun. Manawi teh nu bade nganteurkeun kanggo nu maturan abdi. Ari heg geuning mobil Akang mogok, hihihi.”
“Nganteuran kumaha, Nyi?” kuring kerung.
“Muhun, pan abdi teh keueung, Kang, upami nyorangan bae mah. Abdi ge hoyong pisan aya batur, ambeh haneuteun. Nya sakapeung sok aya mobil ngarandeg. Jrut aya nu turun. Kadang nu beureuyeung nu datang teh. Atanapi nu ngais orok. Sok we dipasihkeun ka abdi. Mung nya kitu Kang, nu atos-atos ge kalah maraot. Tah ku abdi dikempelkeun di kamar eta.” Manehna nunjuk ka kamar kadua.
“Dikumpulkeun?”
“Muhun. Bade ningal?”
“Ah, moal …” jawab teh, bari ngadadak rey bulu punduk asa narangtung.
Sajongjongan kalah ngajaranteng di patengahan.
“Aeh, Kang, bilih cape mah, kulem we atuh di dieu. Ke enjing-enjing tea deui mobilna. Manawi we ari enjing-enjing mah tiasa jalan deui. Tah aya kamar nganggur Kang. Tuh nu pangdituna. Taraya nu kulem di dinya da. Mangga we bilih bade dikuleman ku Akang mah. Etang-etang reureuh …”
“Ah, da Akang mah teu tunduh, Neng.”
“Hayu bilih bade ka dapur!” manehna leumpang deui. Jog ka nu disebut dapur. Mani butrak-batrek. Teu katembong siga dapur. Euweuh kompor, piring, gelas, atawa papakas sejenna nu sok ilahar aya di dapur.
“Ari masakna kumaha Neng? Geuning teu aya nanaon?”
“Ah, da ari abdi mah tara masak, Kang. Ieu mah paranti nyimpen emameun we. Tuh aya daging hayam. Mung punten atah keneh. Akang mah moal sedep nya?”
“Kantenan atuh …”
“Abdi mah osok, Kang. Kana daging atah teh. Raos. Sareng praktis we teu kedah dipasak. Akang mah paling ge matak murel nya?”
“Nya muhun…” jawab teh bari beuki kerang-kerung.
“Nya ieu mah etang-etang silaturahmi we Kang, supados Akang terang. Wartoskeun we ka urang lembur, atanapi ka saha wae nu sok ngalangkung ka dieu, yen ieu bumi teh teu kosong. Nanging aya nu ngeusian. Nya abdi pisan.”
“Ma… mangga. Emh, Neng, manawi tiasa terang, dupi ieu bumi teh saleresna kagungan saha?”
Memeh ngajawab manehna meundeutkeun panto dapur nu kabeneran keur muka.
“Tiris Kang panto ngageblong teh. Sareng ieu lilin bilih pareum ku angin. Mangkaning sigana Akang mah teu biasa di nu poek … Aeh, naros naon tadi teh?”
“Muhun, saha saleresna nu kagungan ieu bumi.”
“Oh… nu kakuping ku abdi mah kieu. Kapungkur, ieu bumi dicicingan ku juragan di kota. Tah waktos ngadamelna teh, make aya tumbal sagala rupi, Kang. Saurna nu gaduh ieu bumi muja sabangsaning siluman. Teras nu ditumbalkeunana teh badegana, tah diruangna teh di lebah patengahan pisan. Tos kitu, kulawarga gaduh ieu bumi baruntak. Dugi ka kajantenan rajapati sagala. Aya nu dipateni dieu. Cul weh tos kitu mah pada ngantepkeun. Dikosongkeun. Kitu nu kakuping ku abdi mah. Nanging duka leres, duka henteu. Malum beja sok dibungbuan.
“Ari ayeuna Nyai cicing di dieu kenging idin ti nu gaduh bumi?”
“Henteu. Ah, da dina kapendakna ge pasti diidinan, Kang. Ti batan dikosongkeun, lebar bilih ancur…”
Geus kitu mah, kuring amitan rek kana mobil deui. Manehna ngahulag, cenah mending sare di kamar bae, tiris dina mobil. Ah, teu pari didenge. Gagancangan we kuring mah ngagidig muru mobil. Panto dikoncian. Dayagdag kana korsi, reup weh sare.
Eling-eling teh diguguyah ku Mang Ija, geus isuk-isuk. Mang Ija mawa nu digawe di bengkel mobil. Teu sakara-kara, mobil hurung deui.
Di jalan, kajadian papanggihan jeung eta awewe tea, dicaritakeun ka Mang Ija. Tapi kalah mesem.
“Ah, panginten bapa mah saleresna kulem dina mobil, mung rarasaan we, dina impian, lebet ka eta bumi soteh. Tapi saurna memang leres, di eta bumi hieum, sok aya nu miceun orok.” pokna.***
Komentar Lainnya (1)
cion 11/04/2011
Kang Dadan%2C abdi kataji ku ieu carita teh. Matak panasaran ka nu macana. Upami tiasa mah aya terasannana deui. Saha atuh saleresnya awewe eta teh %3F
