Awéwé Palebah Imah nu Hieum (1)
Ku DADAN SUTISNA
GEUS dua puluh taun, éta imah angger kénéh siga baheula. Euweuh nu robah. Geus karuhan ari perenahna mah, lebah péngkolan, rada anggang ti imah-imah nu séjénna. Pagerna geus pinuh ku lukut, kenténgna geus semu hideung, pakaranganana hieum ku tatangkalan nu teu kaurus. Tangkal mahoni sagedé beuteung munding ngajungkiring gigireunana. Baheula gé asana kitu.
Modél imah béh ditu, teuing mun dijieunna jaman Walanda. Di lebah dinya mah geus euweuh bangsana. Boh dedeganana, boh hieumna. Peuntaseun éta imah, kahalangan ku jalan raya, kebon eurih ngajejembrung. Teuing tanah nu saha, bangun nu ditambélarkeun. Padahal tanah di sapanjang jalan raya réréana mah geus diadegan wawangunan, boh imah, boh toko.
Angger tiiseun, siga dua puluh taun ka tukang, basa kuring sok ngaliwat ka lebah dinya. Harita téh masih kénéh digawé di Bandung. Bulak-balik kana motor. Ari inditna mah, tara ieuh niténan kaayaan éta imah. Henteu pati katémbong geueuman deuih, da isuk-isuk. Ngan balikna—sok meuntas magrib waé—maké jeung pangangguran rarat-rérét. Ukur kitu wé, niténan tina motor. Wantuning jalan kacamatan, tara pati réa mobil nu ngaliwat, komo kacaturkeun macét mah.
Persis lebah tanjakan nu nikung, éta imah téh. Geus remen ti baheulana, di éta tikungan, sok réa nu cilaka, pangpangna mobil treuk gedé nu ngelos erémna. Da harita unggal ngaliwat téh, meusmeus aya mobil tijungkel ka kebon cengkéh lebakeun jalan.
Ayeuna, éta imah katémbong deui, duméh peuting ieu, palebah tanjakan nu nikung téa, mobil kuring mogok. Nya kira-kira 20 méter ti éta imah. Wanci geus nyérélék ka tengah peuting. Sorangan deuih.
Keur naas kitu mah, da mani euweuh nu ngaliwat. Paling treuk baradag, kitu gé teu nitih sapuluh menit sakali ngaliwatna téh. Keueung, keueungna mah. Lain keueung ku jurig, ngan sok sieun aya jelema jahat, mangkaning dina mobil réa pakakas penting.
Geus dicobaan dioprék, mobil téh teu daék hirup. Nélépon babaturan, na da mani euweuh nu diangkat, teuing keur kamarana, atawa geus sararé kitu? Ari nélépon pamajikan mah enggeus, ngan piraku pantar awéwé wayah kieu kaluar ti imah, nyampeurkeun kuring. Jeung asa euweuh gunana wé, paling gé indung barudak mah nambahan geumpeur. Ngan papadon wé ka pamajikan téh, mun bisa mah geuning Mang Ija, sina mawa motor nepungan kuring lebah tanjakan.
Tungtungna mah ngadayagdag kana korsi mobil, bari melong ka nu hieum. Untungna téh teu meredong teuing, aya bulan nyaangan najan reyem-reyem. Enya, tapi sabada dirasa-rasa, cahaya bulan téh bet asa mawa nuansa mistis. Geura wé, éta imah nu heubeul téa, katémbong ngajungkiring hideung, ngabentuk siluét nu mungguh matak serem. Bet jadi inget kana pilem-pilem horor, nya imah modél kitu geuning nu sok dipaké gambaran tempat panyicingan sabangsaning lelembutan téh. Komo ieu mah imah kosong.
Nyobaan ngabalieur ka séjén tempat, tapi anéh bet hayang rét deui rét deui ka dinya. Da sirah téh lir aya nu marieuskeun atuh, ngarah panon kuring manco ka éta imah. Tah, sanggeus sababaraha kali ngarérét, titingalian téh, di buruan éta imah, aya nu ngajanteng. Buukna ririaban katebak angin peuting. Ka handapna mah teu pati katémbong, da kahalangan ku jujukutan.
Nilik kana buukna nu ririaban mah, nu ngajanteng téh awéwé. Nya rada kerung wé saeutik mah, ku naon wayah kieu aya jelema ngajanteng di dinya. Euweuh kasieun tayohna téh.
Nu matak ngagebeg, éta awéwé téh bangun nu nempoeun ka kuring, da katémbong siga nu ngagupayan. Horéam teuing kudu nyampeurkeun mah, ceuk hate. Beu, éta manéhna kalah leumpang, mani bangun ati-ati nyuaykeun jujukutan nu ngahalangan titincakan. Leumpangna, muru ka kuring.
Nyobaan mindahkeun reret. Biasana cenah, mun eta jurig, ari dirérét deui téh sok geus ngiles. Tapi ieu mah angger aya kénéh. Keur leumpang. Muru ka kuring. Ti dinya kaludeung téh pindah rasa jadi keueung. Ah, naha kétang. Maké keueung. Mun nu kitu jurig (tapi da kuring mah can kungsi jeung teu percaya kana jurig bungkuleukan téh), asa can kacaritakeun aya nu maot ku jurig. Mun éta jelema, piraku deuih kudu sieun ku pantar awéwé. Nya ku bégal onaman, aya wé kasebér mah.
Jog manéhna ka lebah panto mobil. Najan reyem-reyem, katémbong manéhna téh ngoro kénéh. Umurna kira-kira 20 taunan lah. Mojang keur meumeujeuhna sigana.
“Ku naon, Pa, mogok?” pokna, kadéngé sorana ti luar rada hawar-hawar.
“Mu… muhun Néng…” rada ngageter ngajawab téh. Lahlahan nékad mukakeun kaca mobil. Beuki atra ayeuna mah kana beungeutna.
“Linggih heula atuh di rorompok. Tiris dina mobil mah. Ké manawi énjing mobilna leres deui…”
Imah? Di mana kitu imahna? Manéhna siga nu surti kana kahémeng kuring, da gentak ngajawab deui. “Pan itu téh rorompok…” cenah bari nunjuk ka imah nu hieum téa. Gebeg téh. Sakanyaho pan éta imah kosong. Jeung mun enya manéhna jelema, aya ku ludeungan cicing di imah nu sakitu poékna. Teg curiga ka nu lain-lain.
“Hayu Pa, bilih badé reureuh heula…”
Teuing ku pangaruh naon, éta kuring bet ka luar tina mobil, leumpang nuturkeun manéh, nyuay-nyuaykeun jujukutan. Manéhna leumpang ti heula. Katémbong buukna jeung bajuan ririaban katebak angin. Ditempo sukuna. Napak.
Imah téh badag kacida singhoréng. Méh unggal poé kuring ngaliwat ka lebah dieu, kakara ayeuna ngadeukeutan éta imah. Beuki deukeut beuki katémbong geueumanana. Tembokna geus pinuh ku areuy, lukut, jeung sabangsaning tutuwuhan. Dina térasna éstuning barala, kalakay ngampar saincak-incak.
Bus ka jero. Sarua deui paroek.
“Ke urang nyeungeut heula lilin. Malum abdi mah biasa mopoék…” pokna. Manéhna gupuy-gapay ka juru. Teuing kumaha carana bet bisa ngahurungkeun lilin.
Katémbong aya korsi butut di rohangan tamu teh. Sarua barala. Teu kaharti, awéwé téh mani teu rapékan pisan. Mani embung nyapukeun.
“Ah abdi mah kieu wé Kang. Nyorangan ngeueung di dieu. Sanéh teu hoyong natanggi, mung teu kiat arisin.” pokna, maké jeung nyebut Akang sagala ayeuna mah.
“Naha bet arisin?”
“Muhun, bilih disangka jurig, hihi. Malum nyicingan bumi sapertos kieu…”
“Tos lami linggih di dieu?”
“Ti barang lahir gé tos di dieu, Kang… Betah puguh…”
“Teu sieun?”
Manéhna gideung. “Ah, naha maké sieun.”
“Ari tuang rama sareng tuang ibu di mana?”
“Duka, teu terang ….”
“Har? Piraku ti orok nyalira?”
“Leres. Pan kieu kawitna mah. Abdi pan di lahirkeun di dieu, wengi-wengi. Tuh, di patengahan, palebah juru. Tos abdi lahir, pun biang mah duka teras angkat ka mana. Dugi ka ayeuna teu ngelol deui. Nya abdi teras baé hirup nyalira satiasa-tiasa…”
Kuring teu burung kerung.
“Tiasa geuning?”
“Nya tiasa, Kang…. Oh muhun, bilih palay kopi, urang ngadamel…”
“Ah wios teu kedah…”
“Nya ti kawit abdi di dieu, sok aya baé nu badé ngaréncangan téh, ngadon dilahirkeun di dieu. Mung nu sanés mah maraot Kang. Janten mung abdi nyalira…”***(Hanca)
