Tim Berners-Lee: Basajan, Réa Jasana

Ku DADAN SUTISNA

TAUN 1990, aya sawatara kajadian penting nu aweuhanana nepi ka sakuliah dunya. Tanggal 11 Fébruari, Nélson Mandéla, nu kungsi jadi persidén Afrika Kidul, bébas tina panjara sabada dibui 27 taun lilana. Bulan April, teleskop Hubble miang ka langit, dipaké motrétan kaayaan marcapada, hasilna guna pisan pikeun kabeungharan astronomi tur diparaké ku para ahli. Bulan Oktober, Jerman ngahiji. Atuh dina tungtung taun 1990—nu baris diguar dina ieu tulisan—jadi pamiangan medalna téknologi nu bisa ngarobah cara hirup manusa nepi ka kiwari.

        Nu sok aranteng muka Facebook gé, tur unggal usik nyieun status, boa teu terangeun ka nu ngalalanyah dunya maya. Tim Berners-Lee, jalma basajan ti dayeuh London, kawasna teu hayangeun sohor deuih.  Remen kacaritakeun dina média deungeun mah, sikepna nu handap asor, tur henteu “agul ku payung alus”.  Bangun teu haripeut kana pakaya deuih, da geuning panalungtikan jeung hasil karyana, henteu kungsi dipaténkeun, malah dipékbaékeun nepi ka bisa dipaké saha waé. Siga kacatet dina majalah Time édisi “Time 100 People of the Century”, Tim Berners milih kénéh usaha nirlaba ti batan kudu ngeruk untung tina ladang késangna.

Karancagéan Tim Berners dimimitian ti wewengkon pagunungan Alpen Swiss. Harita, taun 1989, fisikawan Tim Berners meunang tugas jadi insinyur software di CERN,  European Organization for Nuclear Research—organisasi Éropah pikeun risét nuklir. Tina anteng ngulik software, diémbohan ku pangalaman di tempat gawé, nya kurunyung idé ngamangpaatkeun pakakas internét keur kapentingan balaréa. Konsépna mah basajan, sangkan sakur informasi téks dina komputer téh henteu ajeg séwang-séwangan, tapi dipuguhkeun pancakakina. Informasi, boh dina kaca nu sarua, boh béda kaca, bisa silih susud silih kait. Teu béda ti indéks dina buku, nu bisa méré pituduh ka lebah mana hiji kecap atawa kalimah nujulna.

Éta gagasan téh, ku Tim Berners terus diwincik jadi proposal. Di labolatorium, make komputer NeXT, Tim Berners mimiti nerapkeun idéna keur kapentingan pagawéan. Janggélék wéh, situs munggaran di alam dunya, nu alamatna di info.cern.ch. Tangtu wé harita mah, nu ngaranna alamat situs téh henteu obyag siga ayeuna.

Hasil panalungtikan Tim Berners téh nepi ka ayeuna dipikawanoh jadi istilah web, atawa website, atawa téknologi informasi nu diaksés ngaliwatan internét. Ari “jeroanana” sok disebut hypertext, atawa dina élmu komputer mah sok disebut basa markup (HTML).

Ngarobah Kahirupan Balaréa            

        Boa Tim Berners teu kungsi engké yén karancagéanana baris nimbulkeun kaahéngan jeung ngarobah cari hirup siga ayeuna. Taun 1990, basa aksés intenét ngaliwatan wéb mimiti diwanohkeun ka balaréa, nu makéna téh ukur sawatara jalma. Ayeuna, 1,8 milyar jalma, atawa 25% ti pangeusi dunya, geus maraké internét.  Di Indonésia, nu maké internét geus nincak 45 juta atawa 19% tina sakumna rahayat.

        Tangtuna gé, ceuyahna nu maké internét—ngaliwatan karancagéan Tim Berners—téh alamat réa mangpaat nu bisa kapetik. Kiwari internét lain ngan dipaké ngaksés informasi sarupaning warta jeung béja, tapi geus bubutuh hirup kaasup balanja, ngulik pangarti, ruang-riung jueng baraya, nepi ka urusan curhat sagala rupa.

        Réa nu ngeruk untung deuih. Teu kurang-kurang nu ngadadak beurat beunghar alatan dibéré cukang téknologi beunang Tim Berners.  Sergey Brin jeung Larry Page, upamana, sabada nyieun Google taun 1994, kiwari jadi jalma jugala tur boga banda leuwih ti 17,5 milyar dolar (157 trilun).  Kitu deui Jeff Bezos nu boga situs Amazon (12,3 miliar dolar), jeung “budak kamari soré” nu ngadegkeun Facebook (4 miliar dolar).

        Nyakséni nu pakepuk ngeruk untung, nu paciweuh nyiar kasab ti dunya maya, bisa jadi Tim Berners ukur imut di nu poék. Padahal mun itungan mah, ménta buruh tina pagawéanana, meureun nya manéhna pisan nu baris pangjegudna téh.

        Tim Berners téh sarjana lulusan universirtas Oxford University, Inggris. Ti keur kuliah kénéh sok uprak-oprék kana komputer, malah geus bisa ngarakit komputer ku sorangan,  maké pakakas urut télévisi. Taun 1976, sabada lulus ti Oxford, kungsi digawé di Plessy Telecommunications Ltd.

            Kiwari Tim Berners kapeto jadi pupuhu World Web Consortium, organisasi nirlaba nu nalingakeun jeung ngamekarkeun téknologi wéb. Ti tukangeun méja gawé, manéhna teu reureuh nalungtik, pikeun nyiptakeun deui téknologi pakéeun balaréa.***

Komentar Lainnya (0)

Loading
Belum ada komentar.